Pertanyaan :
Jawaban :
1. Carita nu aya dina carita wayang dumasar kana carita anu geus tetep, nyaeta carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India anu mangrupakeun kitab suci umat Hindu. Di Indonesia, carita wayang geus kapangaruhan ku ajaran agama Islam jeung pangaruh carita lokal sejenna.
2. Carita wayang, caritana bisa pondok atawa bisa oge panjang saperti novel atawa wawacan anu bisa dibaca nepi ka sapeupeuting atawa malahan bisa nepi ka mangpoe-poe.
3. Palaku nu aya dina carita wayang, biasana mangrupa jalma, atawa dewa anu mangrupa jalma.
4. Carita wayang dina sumebarna, umpamana di daerah Sunda, nyaeta ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sacara tinulis mangrupa carpon, novel, dangding atawa wawacan. Carita wayang ditulis ku pangarang anu jelas anu biasana mangrupa tulisan fragmen atawa bagian-bagian anu dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India.
5. Eusi carita nu aya dina carita wayang sok siga carita nu aya dina dongeng, nyaeta dina caritana sok loba carita pamohalan atawa carita bohong, saperti aya jalma anu bisa ngapung, jeung sajabana.